Senin, 28 Mei 2012

karidhoan ibu & rama

oleh : Khori
Assalamu'alaikum wr.wb.
Alhamdulillah washolatu wassalam ala Rosulillah wa ala alihi washobihi wamaw walah, ama ba'du.

Sadaya puji kagungan Alloh, sholawat miwah salam salamina mugi tetep ka Rasulalloh, ka sahabatna nu utami, sareng ka kulawargina nu suci sareng mugia dugi ka urang sadaya salaku umatna, anu tumut turut kana jejak langkah manten na..

Ah, abdi mah bade ku basa sunda wae ah nyariosna.
ulah protes nya, pan abdi mah urang sunda.. nya wajar weh atuh... leres...?

Hadirin anu di mulyakeun ku Gusti Alloh,
Ulah munjung ka gunung bilih janten lutung, ulah muja ka sagara bilih janten lauk peda.
Munjung mah ka ibu rama, muja mah ka ibu bapa.
Margi upami teu aya urang, moal aya ibu rama... eh, punten... sanes kitu..
Nu leres mah, pami teu aya ibu rama tangtu moal aya urang... leres teu...?

Hadirin Rohimakumulloh,
Urang sadaya tangtu uninga, yen Karidhoan Alloh aya dina karidhoan ibu rama.
sareng benduna Alloh aya tina bendu ibu rama.
Urang sadaya tangtu hoyong ka surga.

Haroyong ka surga..?
Haroyong ka surga teu...?
Pami hoyong ka surga, syaratna urang ulah durhaka ka ibu & rama.

 naon ari  durhaka ..?

ari DUR teh seuneu ngagedur..
ari HAKA teh haq ka maneh..

janten durhaka teh nyaeta seuneu ngagedur haq ka maneh, kitu pan mang Oman..?
Ridhollohi fiiridho walidain, karidhoan Alloh aya dina karidhoan ibu rama.

Mung sakieu bae ti simkuring, hapunten anu kasuhun..

Wassalamu'alaikum wr.wb.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar